Usum ngijih atawa usum hujan mangrupakeun hiji kajadian nu geus ilahar deui. Mun nurutkeun omongan kolot mah usum hujan tèh biasa sok kajadian dina bulan anu ber beran. Ngan dina taun 2018 kamari mah masih kènèh usum halodo atawa bisa jadi asup kana usum mamareng.
Ti bulan januari nepi ka ayeuna bulan pebruari asup kana usum ngijih. Hujan tuluy-tuluy bari jeung dordar gelap. Komo deui bari jeung gedè angin,di Bogor wae contona loba nu suhunan imahna kabawa ku angin puting beliung pas nalika hujan badag.
Tuluy naon atuh ari hujan? Hujan tèh nyaèta hiji bentuk prèsipitasi. Hujan tèh kajadian anu mangrupakeun ragragna cairan ti atmosfer ka bumi. Hujan tèh bisa kajadian kusabab aya prosesna,diantarana nyaèta:
1.Panas panon poè nyababkeun cai nu aya dina beungeut bumi tèh nguap.
2.Tuluy tina uapan eta tèh jadi we awan.
3.Angin ngajieun awan anu laleutik jadi ngarumpul ngabentuk awan badag.
4.Kusabab kandungan cai di awan geus badag jeung teu bisa di tampung deui,turun we hujan.
Hujan tèh loba oge jinisna,diantarana aya hujan lokal nyaèta hujan anu teu rata,mung ragrag di hiji daèrah sedengkeun daèrah sèjèn mah henteu. Aya loba deui jinisnana tèh jiga hujan buatan,zenital,orografis,jsb.
Hujan ogè aya manpaatna diantarana pikeun nyaian sawah,balong,nyuburkeun tatangkalan,persediaan cai nginum,jsb.
Salain loba manpaatna,hujan ogè aya madaratna,mangka ku kituna urang kudu bisa ati-ati jeung apik dina sagala kaayan,lain pas keur hujan waè kudu waspada tèh.